Saturday, April 10, 2010

LURAH JEUNG ULIS

Bupati : "Lurah, ari mushola di desa lurah aya sabaraha ?"
Lurah : "Lis, mushola di urang aya sabaraha lis?"
Ulis : "Lima pa lurah"
Lurah : "Lima pa bupati"
Bupati : "Lurah, ari madrasah aya sabaraha?"
Lurah : "Lis, lis, ari madrasah aya sabaraha?"
Ulis : "Aya dua pa lurah"
Lurah : "Aya dua pa bupati"
Bupati (rada ambek) : "Na ari lurah, ditanya teh bet nanya deui ka si ulis, naha teu apal jumlah masjid-masjid acan. Cing ayeuna kuring rek nanya deui, ari ngaran ki lurah saha?"
Lurah : "Lis..lis..ari ngaran bapa saha?"

Wilujeng tepang,Ah!

Ilaharna urang Sunda mah teu leupas tina heureuy jeung gogonjakan..boh dimana boh dimendi..teuing pedah getihna geus kacampuran getih si cepot meureun nya?..da kadituna teh teu weleh iirihilan jeung babarakatakan...heug! ayeuna urang ocon we yuu??